Ilustrasi foto: jalanjalankuningan.wordpress.com
Pupuh Sunda adalah sebuah karya sastra yang berbentuk puisi dan merupakan bagian dari sastra Sunda. Asal kata Pupuh yaitu “Pepeuh” yang merupakan bentuk puisi tradisional berbahasa Sunda yang memiliki jumlah suku kata dan rima tertentu pada setiap barisnya. Terdapat 17 jenis pupuh, yang masing-masing memiliki sifat tersendiri, dan digunakan untuk tema cerita yang berbeda-beda.
Pupuh ini terikat oleh patokan atau aturan dan juga berupa guru wilangan, guru lagu, dan juga watek.
| No. | Pupuh (Padalisan) | Guru Wilangan – Guru Lagu | Katerangan |
| 1 | Kinanti (6) | 8-u, 8-I, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i | Asal kecap: anti = dago, atawa kanti = barang Watek: prihatin, harepan atawa ngadago-dago. |
| 2 | Sinom (9) | 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a | Asal kecap: sinwam (Sangsekerta) = pucuk Watek: Gumbira atawa senang |
| 3 | Asmarandana (7) | 8-i, 8-a, 8-e/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a | Asal kecap: smaradahana (Sangsekerta)= asmara Watek: birahi, silihasih atawa naséhat |
| 4 | Dandanggula (10) | 10-i, 10-a, 8-e/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a | Asal kecap: dandang, robah jadi hartina kawih Dangdanggula= kawih amis Watek: kabungah atawa kaagungan |
| 5 | Magatru (5) | 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o | Watek: lulucon ngeusi atawa prihatin |
| 6 | Mijil (6) | 10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u | Asal kecap: bijil (kaluar). Watek: sedih, tiiseun atawa cilaka |
| 7 | Durma (7) | 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i | Durma= maung. Watek: ngambek, paséa, gelut atawa perang |
| 8 | Pangkur (7) | 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i | Pangkur= ditinggalkeun atawa tonggong, disebut yudakanaka. Watek: lumampah, napsu, atawa sadia rék perang |
| 9 | Maskumambang (4) | 12-i, 6-a, 8-i, 8-a | Asal kecap: emas ngambang, disebut Mas Kentir Watek: prihatin atawa nalangsa |
| 10 | Pucung (4) | 12-u, 6-a, 8-e/i/o, 12-a | Pucung= tangkal (buah) picung kelewekna Watek: piwuruk, wawaran, kagét, éling |
| 11 | Wirangrong (6) | 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a | Asal kecap: wirang-rwang= kasima, bingung, teu éling. Watek: éra, wirang, apes, atawa rugi |
| 12 | Jurudemung (5) | 8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u | Jurudemung= tukang demung salah sahiji waditra gamelan. Watek: rasa kaduhung atawa hanjakal |
| 13 | Balakbak (8)
Balakbak (3) | 12-a, 3-e, 12-a, 3-e, 12-a, 3-e, 12-a, 3-a
15-e/12+3-e, 15-e/12+3-e, 15-e/12+3-e | Watek: pikaseurieun atawa lulucon |
| 14 | Gambuh (5) | 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o | Gambuh= loba luang. Watek: tambuh laku, samar polah, atawa bingung |
| 15 | Gurisa (8) | 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a | Gurisa= pikaseurieun. Watek: lulucon tamba kesel atawa pangangguran |
| 16 | Lambang (4) | 8-a, 8-a, 8-a, 8-a | Lambang= gambar. Watek: banyol |
| 17 | Ladrang (4) | 10-i, 8-a, 8-i, 12-a | Watek: banyol |
Keterangan:
No. 1 – 4 = Sekar Ageng
No. 5 – 17 = Sekar Alit
Pupuh Sekar Ageng dapat dinyanyikan atau ditembangkan dengan menggunakan lebih dari satu jenis lagu, sehingga pembagian lagunya pun bisa bermacam-macam.
Pupuh sekar alit hanya dapat dinyanyikan dengan menggunakan satu jenis lagu saja dan setiap pupuh memiliki patokan guru wilangan dan guru lagu serta tema.
Budak leutik bisa ngapung (8 – u)
Babaku ngapungna peuting (8 – i)
Nguriling kakalayangan (8 – a)
Neangan nu amis-amis (8 – i)
Sarupaning bungbuahan (8 – a)
Naon bae nu kapanggih (8 – i)
Panambih:
Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna
—-
Itu naon nu ngahiung (8 – u)
Suat-siet henteu cicing (8 – i)
Ngawang-ngawang kawas heulang (8 – a)
Muter karalang-kuriling (8 – i)
Sihoréng kapal nu urang (8 – a)
Kapal udara ngalingling (8 – i)
Warna-warna lauk empang (8 – a)
Aya nu sami jeung pingping (8 – i)
Pagulung patumpang-tumpang (8 – a)
Ratna Rengganis ninggali (8 – i)
Warnaning lauk cai (7 – i)
Lalawak pating suruwuk (8 – u)
Sepat pating karocepat (7 – a)
Julung-julung ngajalingjing (8 – i)
Sisi balong balingbing, sisi balungbang (12 – a)
Di wetan fajar balebat (8-a)
Panon poe arek bijil (8-i)
Sinarna ruhay burahay (8-a)
Kingkilaban beureum kuning (8-i)
Campur wungu saeutik (7-i)
Kaselapan semu biru (8-u)
Tanda Batara Surya (7-a)
Bade lumungsur ka bumi (8-i)
Murub mubyar langit sarwa hurung herang (12-a)
Eling eling mangka eling (8 – i)
rumingkang di bumi alam (8 – a)
Darma wawayangan bae (8 – e)
Raga taya pangawasa (8 – a)
lamun kasasar lampah (7 – a)
nafsu nu matak kaduhung (8 – u)
badan anu katempuhan (8 – a)
Ngariung di tengah bumi (8 – i)
pun biang sareng pun bapa (8 – a)
jisim abdi diuk mando (8 – o)
husu ngupingkeun pituah (8 – a)
piwejang ti anjeunna (7 – a)
pituduh laku Rahayu (8 – u)
piwejang sangkan waluya (8 – u)
Mega beureum surupna geus burit (10 – i)
Ngalanglayung panas pipikiran (10 –a)
Cikur jangkung jahe koneng (8 – e)
Naha teu palay tepung (7 – u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (9 – i)
Ari ras cimataan (7 – a)
Gedong tengah laut (6 – u)
Ulah kapalang nya bela (8 – a)
Paripaos gunting pameulahan gambir (12 – i)
Kacipta salamina (7 – a)
Panambih:
Hiji basa, hiji bangsa
Basa bangsa, Indonesia
Hiji bangsa, hiji nusa
Nusa tunggal, Nusantara
Seler-seler, suku bangsa
Di wewengkon, mana-mana
Sakasuka, sakaduka
Wujud bangsa, Indonesia
—-
Laut Kidul kabeh katingali (10-i)
Ngembat paul kawas dina gambar (10-a)
Ari ret ka tebeh kaler (8-e)
Batawi ngarunggunuk (7-u)
Lautna mah teu katingali (9-i)
Ukur lebah lebahna (7-a)
Semu semu biru (6-u)
Ari ret ka tebeh wetan (8-a)
Gunung gede jiga nu ngajakan balik (12-i)
Meh bae kapiuhan (7-a)
Pasosore nyawang bandung asri
Basa kuring ulin ka isola
Ti dieu ti belah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Beut teu kapireung sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglang
Estu taya mega bodas aling aling
Sore ieu bengras pisan
—-
Dinten ieu éstu bingah ati (10-i)
Ku jalaran panceg milang kala (10-a)
Kenging kurnia ti Alloh (8-o)
Rehing nambihan umur (7-u)
Tepung taun usum sim abdi (9-i)
Heunteu weleh neneda (7-a)
Ka Gusti nu Agung (6-u)
Malar umur téh mangpa’at (8-a)
Tebih bahla turta pinarinan rijki (12-i)
Sumujud ka Pangéran (7-a)
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung (12 – u)
Kopo reujeung Cisondari (8 – i)
Cicalengka, Ujung Berung (8 – u)
Rajamandala, Cimahi (8 – i)
Leles, Limbangan, Tarogong (8 – o)
Panambih:
Sukuna pakepit tilu
Panonna opat harerang
Leumpangna semu nu lesu
Ngalengkah teu bisa gancang
—-
Dupi irung lemesna téh nya pangambung (12-u)
Pipi mah disebat damis (8-i)
Upami buuk mah rambut (8-u)
Ceuli sok disebat cepil (8-i)
Kasarna angkeut mah gado (8-o)
Mesat ngapung putra Sang Arimbi (10 – i)
Jeung mega geus awor (6 – o)
Beuki lila beuki luhur bae (10 – e)
Larak-lirik ninggali ka bumi (10 – i)
Milari sang rai (6 – i)
Pangeran Bimanyu (6 – u)
Panambih:
Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung
—-
Najan cicing nya di tepiswiring (10-i)
Kadé ulah bodo (6-o)
Kudu tetep nungtut élmu baé (10-é)
Sabab jalma nu loba pangarti (10-i)
Hirup tangtu hurip (6-i)
Mulus tur rahayu (6-u)
Moal ngejat sanajan ukur satapak (12 – a)
Geus dipasti ku jangji (7 – i)
Mun tacan laksana (6 – a)
Numpes musuh sarakah (7 –a)
Heunteu niat seja balik (8 – i)
Najan palastra (5 – a)
Mati di medan jurit (7 – i)
Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah
—-
Nagri urang katelah Indonesia (12 – a)
Diriksa tur dijaring (7 – i)
Sumirat komarana (6 – a)
Berkahna Pancasila (7 –a)
Ageman eusining nagri (8 – i)
Yu sauyunan (5 – a)
Ngawangun lemah cai (7 – i)
Seja nyaba ngalalana (8 – a)
ngitung lembur ngajajah milang kori (12 – i)
henteu puguh nu dijugjug (8 – u)
balik paman sadaya (7 – a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12 – u)
Lurah Begal ngawalonan (8 – a)
“Aing ngaran Jayapati” (8 – i)
Seja miang ka sakola (8 – a)
rek diajar nambahan elmu pangarti (12 – i)
pigeusaneun bekel hirup (8 – u)
sabab mungguhing manusa (7 – a)
kudu pinter beunghar ku elmu panemu (12 – u)
komo jaman pangwangunan (8 – a)
urang kudu singkil bakti (8 – i)
Duh manusa mana kaniaya teuing (12 – i)
teu aya rasrasan (6 – a)
abong ka mahluk nu laip (8 – i)
nyiksa henteu jeung aturan (8 – a)
Panambih :
Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana
Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula
Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean
—-
Itu kusir bangun ambek-ambek teuing (12 – i)
Turun tina delman (6 – a)
Kuda dipecutan tarik (8 – i)
Teu aya pisan ras-rasan
Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip (12 – i)
Padahal mogokna (6 – a)
Lantaran geus cape teuing (8 – i)
Hayang ngaso eureun heula (8 – a)
Coba lamun aya nu nenggel ka kusir (12 – i)
Geus tangtu karasa (6 – a)
Nyeri moal salah deui (8 – i)
Sato ge kitu sarua (8 – a)
Panambih:
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela
—-
Kuring moal deui-deui (8-i)
Gaduh panata nu awon (8-o)
Ngabantah nu jadi indung (8-u)
Sieun dibendo ku Gusti (8-i)
Kawas dalem boncél téa (8-a)
Doraka ti ibu rama (8-a)
Lolobana mungguh jalma
Embung hina hayang agung
(Embung hina hayang agung)
Hayang hirup mukti
(Hayang hirup)
(Hayang hirup mukti)
Tapina embung tarekah
Tinangtu mo bakal nanjung
Aya manuk eunteup dina regang dahan, cinenten
Ucing ngintip ngadepong asoy-asoyan, si emeng
Sanggeus deukeut sanggeus deukeut dirontok arek dihakan, bermanten
Ucing sial tigebrus dasar keur sial, ku sue
Hanas ngintip titadi geus lila pisan, nyerengen
Kari kari kari kari kalah tigebrus cilaka, si emeng
Kabeneran ku jalma anu rek nimba, katangen
Ditulungan ucing diasongan timba, nyanggereng
Pek ditarik pek ditarik ati-ati lalaunan, dikerek
Geus kaluhur si emeng gancang jleng luncat, ngelemes
Uang iung nganuhunkeun kanu haat, geus ngerek
Tadina mah tadina mah disangkana eta jalma, rek gereng
Panambih:
Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong
—-
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.
—-
Si Kabayan lalamunan (8-a)
Pangrasa bisa nyetiran (8-a)
Motor atawana sédan (8-a)
Poho keur eundeuk-eundeukan (8-a)
Na dahan emplad-empladan (8-a)
Gujubar kana susukan (8-a)
Panambih:
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal
—-
Dialajar wawangsalan (8-a)
Saperti tatarucingan (8-a)
Cik naon atuh maksudna (8-a)
Teangan naon wangsalna (8-a)
Gedong ngambang di sagara (8-a)
Ulah kapalang diajar (8-a)
Keuyeup gedé di lautan (8-a)
Kapitineung salawasna (8-a)
Wanita yang Dikirimi Salam dari Langit Dulu rumahnya semerbak gaharu dan gudangnya penuh sutra, emas…
Istri yang Menyerahkan Gilirannya Agar Tetap Membersamai Nabi SAW di Surga Ada seorang istri yang,…
Ternyata, Kewajiban dalam Rumah Tangga itu Sedikit Banyak pertengkaran rumah tangga bukan karena kurangnya cinta,…
Malam Ketika Al-Quran Diturunkan: Sejarah, Fakta, dan Hikmahnya Sepanjang sejarah, ada malam-malam yang lebih utama…
Pasukan Santri dalam Tubuh Kita: Belajar Ketekunan dan Pengorbanan Sel Darah Putih Pernahkah kita membayangkan,…
Strategi Iblis dan Seni Tipu Daya: Belajar Waspada dari "Pakar Marketing" Tertua di Dunia Iblis,…
This website uses cookies.